BAB I
Rangkay Wawancara
.Assalamu’alaiku wr.wb
Abdi Fréngki ti kelas XI IPA 2 rék ngawawancara ibu, sateuacanna abdi ngahaturkeun nuhun ka ibu, ku sabab tiasa ngaluangkeun waktos eujeung di wawancara ku abdi.
Anu kahiji, wasta asli ibu téh saha ?
Wasta asli ibu, ibu Rojalia.
Ibu téh asli ti mana ?
Mun nyarios asli mah nya lahir di Bogor.
Ibu téh lahir di mana, kaping sabaraha ?
Lahir mah di Bogor, kaping 12 Desember.
Ibu téh ngajar basa sunda baé atawa ngajar palajaran anu laén?
Ibu mah ngawulangna basa sunda wungkul.
Bumi ibu téh di mana ?
Bumi ibu téh di Gunung Batu, Komplék Sukasari, Nomer 50.
Ibu ngajar sabaraha kelas ?
Upami ngawulangna dalapan kelas.
Sabaraha lami ibu ngajar di SMAN 8 Bogor ?
Mun di SMA 8 mah ti taun 2006 tapi upami dicarioskeun ngawulangna tos lami.
Ibu ngajar di sakola laén teu ?
Heunteu, di SMA 8 wé wungkul.
Aya teu suka dukana ngajar di SMAN 8 Bogor ?
Ari sukana mah di SMA 8 barudakna masih bisa kénéh dipapatahan sananjan sabagian aya anu bandel tapi lamun guruna bias ngalulungan Insya Allah tiasa muridna gé getén atawa taat di aturan nu aya.