Saturday, October 8, 2011

Wawancara Basa Sunda (Tugas Praktek Basa Sunda)

BAB I

Rangkay Wawancara
.
Assalamu’alaiku wr.wb

Abdi Fréngki ti kelas XI IPA 2 rék ngawawancara ibu, sateuacanna abdi ngahaturkeun nuhun ka ibu, ku sabab tiasa ngaluangkeun waktos eujeung di wawancara ku abdi.

Anu kahiji, wasta asli ibu téh saha ?
Wasta asli ibu, ibu Rojalia.

Ibu téh asli ti mana ?
Mun nyarios asli mah nya lahir di Bogor.

Ibu téh lahir di mana, kaping sabaraha ?
Lahir mah di Bogor, kaping 12 Desember.

Ibu téh ngajar basa sunda baé atawa ngajar palajaran anu laén?
Ibu mah ngawulangna basa sunda wungkul.

Bumi ibu téh di mana ?
Bumi ibu téh di Gunung Batu, Komplék Sukasari, Nomer 50.

Ibu ngajar sabaraha kelas ?
Upami ngawulangna dalapan kelas.

Sabaraha lami ibu ngajar di SMAN 8 Bogor ?
Mun di SMA 8 mah ti taun 2006 tapi upami dicarioskeun ngawulangna tos lami.

Ibu ngajar di sakola laén teu ?
Heunteu, di SMA 8 wé wungkul.

Aya teu suka dukana ngajar di SMAN 8 Bogor ?
Ari sukana mah di SMA 8 barudakna masih bisa kénéh dipapatahan sananjan sabagian aya anu bandel tapi lamun guruna bias ngalulungan Insya Allah tiasa muridna gé getén atawa taat di aturan nu aya.

Ibu téh ngarasa gumbira teu ngajar basa sunda ?
Kumasa bungah pisan.

Rupina sakitu baé wawancara ti abdi, hatur nuhun. Pihatur dihapunteun bilih aya kalepatan nya bu.

Wassalamu’alaikum wr.wb.


Biografi


Ibu Rozalia, S.Pd nyaéta guru basa sunda. Ibu Rozalia lahir di Bogor tanggal 12 Désémber. Anjeunna mangrupa lulusan jurusan IPS. Sabenerna anjeunna henteu daék jadi guru, tapi kusabab anjeunna ngawulang sarta ngawulang, anjeunna jadi kabetot jadi guru.

Ibu Rozalia ngawulungan basa sunda waé. Anjeunna ngawulungan di SMAN 8 Bogor nepi ka ayeuna. Anjeunna geus nikah sarta ogé miboga anak. Anjeunna cicing di Gunung Batu, Komplek Sukasari, Nomer 50, Bogor, Jawa Kulon.

Bab II

Bukti


Rekaman dina handphone :
Kaping : 29 Nopember 2010
Waktos : Tabuh 14.29 WIB
Tempat : Laboratorium Komputer SMAN 8 Bogor



Saran

Lamun diajar kudu ngabogaan kataatan dina disiplin, diantarana disiplin waktu, displin ngagawéan tugas umumna.


Bab III

Panutup

Rupina cekap sakitu anu tiasa abdi dugikeun di makalah wawancara ieu, panuhun dihapunteun lamun aya kalepatan sareng kakurangan - kakuranganana. Mugi-mugi makalah ieu mikeun mangpaat sarta nambahan élmu sareng wawasan ka kuring sarta anu macana, Amin.


Kesan sareng Pesen


Kesan ti abdi nyaéta bungah pisan, kusabab pancén ieu nambih pangalaman abdi kanggo antos upami abdi jadi wartawan sareng nambih élmu kanggo abdi sareng réréncangan sadayana.

Pesen ti abdi nyaéta pancén ieu tetep aya, kusabab pancn ieu mikeun mangpaat pisan ka sadayana.

No comments:

Post a Comment